Ajeg panceg dina tetenger budaya
ABAH RACHMAT ISKANDAR
Bubuka
Budaya teh mangrupa hasil rekayasa lahir batin manusa kana mangsa nu keur dijamananana.. Budaya heubeul teh eunteung gede pikeun nyoreang nyawang kahirupan mangsa bihari jangeun pieunteungeun kiwari maetahkeun kahirupan mangsa baring supagi.
Budaya kiwari teh kudu ngeunteung kana budaya heubeul ciptaan manusa baheula, sabab budaya anyar nu teu ngeunteung ka budaya heubeul tangtu bakal leungiteun galeuh kakuatan kahirupananana.
Contona bae, munjungan atawa silih hampura dina mangsa lebaran saenyana bisa sakadar make MMS , SMS, blackberry atawa skype , parabot aheng ciptaan budaya kiwari nu nyambungkeun manusa jeung manusa bari teu kahalangan ku rohang jeung waktu. Sarwa praktis sarwa efisien, irit ongkos irit waktu. Tapi kahade, telepon selular mah moal bisa nembreskeun sikep emosional mangsa lebaran. Jiga sasalaman, silih tembongkeun kasono, sumeleketna rasa tambelar joledar ka nu jadi kolot mangsa urang sumujud menta dihampura ka kolot urang, atawa leungitna suasana batin nu diwuwuh kaendah kagumbiraan mangsa urang balakecrakan jeung pada batur dina mapag lebaran. Make telepon mah, papada urang teh ukur diunggang ku kekecapan, lain ku sikep-sikep emosional nu saenyana bisa meungkeutkeun rasa mibanda antara kulawarga utamana papada urang jeung urang .
Dina kahirupan lingkungan alam, manusa kiwari geus mimiti leungiteun leuweung nu memehna rea liang cai (cinyusu) nu bisa medalkeun cai nu ngagulidag pikeun kahirupan , nyeboran kebon jeung sawah pilahaneun. Sono kana hejona kebon jeung amparan sawah nu sedeng koneng umyang, sono ningali pasir-pasir jeung lengkob nu hejo ngemploh mapaesan alam Sunda, angin tiis ngahiliwir mepende hirup hurip di lemah cai panginditan sarakan geusan pamulangan.
Tangkal kiara, haripingku, karet munding, kepuh, calik angin atawa caringin nu baheula ngurung pasir-pasir di luhureun lembur katut tatangkalan leutik kayaning kalimorot, jamuju, manglid, saninten, puspalilin , bungur atawa senokeling, kabeh geus lita dirakrak kasarakahan jalma-jalma nu cenah hayang nyieun budaya anyar, budaya moderen tea. Gunung bulistir, sawah jadi imah, kebon jadi lembur, cinyusu geus leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana, jadi selang-selang plastik nu nyungakang ranteng pabeulit ngahalangan lelengkahan. Cai ti gunung geus lila ngorotan. Sawah lendo geus lila jadi imah, dunya geus teu aya aling-aling. Panonpoe nu moreret geus teu kahalangan ku tatangkalan atawa reuma di leuweung nu baheula carang katincak jelema.
Hasil rekayasa budaya manusa jaman kiwari nu miceun budaya heubeul nu kungsi jadi tetenger karuhun urang pikeun nyingkahan laku manusa pikeun ngarakrak alam. Carita aheng soal ratu jin dina cinyusu, kuntianak dina tangkal caringin, leuweung nu sanget nu kawentar entog silumanna, kiwari geus disingkahkeun ku basa tahayul bari jeung teu malire yen wawadi karuhun teh nyumput dina gunung simbul, nyangling dina pasir silib , kumambang dina sagara siloka. Naon sababna baheula percaya kana jurig jeung dedemit siluman barakasakan, sabab kolot baheula ngahaja ngawuwuh carita jurig teh sangkan jalma teu kumawani ngagunasika leuweung jeung tatangkalan nu saenyana jadi bagean tina cara manusa ngarumat alam katut kahirupanana.
Conto-conto bieu teh ngagambarkeun kumaha lembur ancur, desa lita, dayeuh ukur amparan beton nu diuga ku urat-urat kabel listrik jeung telepon sarta pasulabrengna napsu-napsu manusa dina motor, dina mobil jeung kahirupan nu sing sarwa hedonistis, ukur ngudag-ngudag kasenangan nu can aya, ukur balap moro kasenangan nu teuing dimana pungkasanana.Antukna timbul bahla alam dimana-mana. Aya longsor nu nerebkeun lembur, aya banjir bandang nu malidkeun harta banda, dimana-mana gunung dak dumadak bararitu, geus puguh ari lini jeung tsunami mah meuweuh di satungkebing jagat.
Ieu teh nu jadi lantaranana teu lian lantaran manusa geus ninggalkeun budaya heubeul nu kungsi jadi kayakinan manusa jaman baheula. Geus teu aya mupuhunan mangsa panen, geus teu aya guar bumi mangsa rek molah, teu aya buku taun atawa ngaruwat lembur jangeun sukuran ka dzat Maha Agung nu geus nyiptakeun alam kalawan sampurna. Sabab jelema geus teu percaya kana mitos Batara Kala, geus teu percaya kana hadirna dedemit ratu jin Leuwi Hieum, Raja siluman Kendrawahana nu ngayuga leuweung tutupan. Hiji silib, hiji siloka kolot baheula dina ngarumat alam. ***