Senin, 19 Mei 2014

MAPAG CALON PANGANTEN PAMEGET

MAPAG CALON PANGANTEN PAMEGET
SORA :

Mitra…… Aya harewos ti angin nu dating mawa bewara ,Cenah bakal panganten dijajap ku ibu rama, diwuwuh ku para sepuh , diiringkeun kdang wargi. Ayeuna ngabujeng ka ieu patempatan, hayu urang wilujengkeun , mangga urang bageakeun

NGABAGEAKEUN CALON PANGANTEN PAMEGET
SORA :
Anaking mun cunduk neda paralun , unggah dipacuankeun , lamun acan dirampeskeun, sasmitaning bemakrama, unjuk salam ka Islaman as.wr.wb.
Jagong tuhur meunang ngunun , haturan wilujeng sumping.
Bagea nyanggakeun salam patepang,
Marhaban ahlan wa sahlan bi hudlurikum.


Asih nu ngamalir bukti teu jalir,
katresna nu mangkak tetela henteu sulaya.
Di awur pangjurung ti indung nu ngakandung,
dipulans pangjajap ti bapa nu ngayuga.

(calon panganten miwah rombongan ditahan dina lalawangan)

SORA :
Ka kulawargi calon panganten istri bisi si jalu hanjelu bisi si ujang honcewang sumangga geura papag geura hayap calon panganten pameget miwah rombongan .

(rombongan dipapag)

SORA :
Kasep nu dianti ti – kamari ditunggu ti – isuk-isuk ayeuna parantos cunduk dijajap ku ibu rama, diwuwuh ku para sepuh di iring ku kadang wargi

Baeu kadieu ………..
Geura tampi runtuyan kembang pangrungrum ti-nu bakal jadi indung , geura tampa kongkorong mangle siloka kanyaah ti-nu bakal jadi bapa

(manglena dikongkorongkeun, diterasskeun musafahah)

Salajengna sumangga nu sumping digingsir linggih ,
Enggal dipiwarang lenggah .
Tutut gunung keong reuma sumangga geura gek calik,
mugi masing getah benah ngantos acara anu salajengna.
BUBUKA
SORA :
Bis …as … wr. wb

Alhamdulillaahiladzi an’ama ‘alainaa bini’matil iimani wal islam .
Asyhadu alaa ilolaha illallah wahdahu laa syarikallah wa asyhadu anna muhammadan ‘abduhu warosuluh .
Allahuma shali wasallim ‘ala muhammadin wa’ala alihi waashabihi ajma’in, amma ba’du. Wa min ayaatihi ‘an kholako lakum min anfusikum awaaja litaskuunuu ilaiha, wa ja’ala bainakum mawaddatan warohmah , inna fiidzaalika la aayatil liqoumiy yatafakkaruun.

Puji nu janten panyinglar ria sareng sum’ah nu patolekasak di tengah tegalan rasa, panundung ujub takabur nu ngahunyud minuhan juru-juru kolbu, pangusir kumaki nu ngadaki lebeting ati.
Urang dugikeun ka Allah robul ‘ijati, pangeran nu Maha Rohman tur Rohim nu saban wanci teu cicing ngamalirkeun asih-Na, nu salawasna tara kendat ngagalurakeun ka heman-Na , nu hamo tiasa kawincik hiji-hijina , pamohalan kapedar bejer beasna.

Kersaning mantena ayeuna urang tiasa ruing mungpulung patepung lawung paamprok jonghok bari gunuluran kabagjaan , limpas ku rasa kabingah tur sehat wal’afiat , amin yaa robbal alamin.

Sholawat miwah salam mugia tetep ngawalungan kalautan jungjunan jalmi pinilih ,nu ngancik parangi utami , insan mulia nu mibanda tauladan anu sampurna , Rosulullah Muhammad saw. Oge… mugi ngamalir kakulawargina anu salamina gumati , muga nyungapan ka para sohabatna anu satia bumela , tur ngucur ka sakur umatna anu turut tumut henteu incah balilahan nincak dina tapak lacak Anjeuna.

Para sepuh pupuhu turus turunan , seuweu siwi rumaja nu mawa terah rundayan , mungguh hirup aya dina papasangan ringkang , mungguh beurang jeung caangna , mungguh peuting jeung wengina , mungguh
cunduk jeung tepungna . Dinten ieu dina wanci haneut moyan ngagayuh ka pecat sawed , panon poe nojo hate nangkeup haneut lelembutan , dipirig hiliwir angin ngajak lunta ka ciibun tina pangeunteupanana, dua kulawarga nyaeta kulawarga bapa
IDI SURASDI (Alm) nu sumping ti Desa


Kutamanggu sareng kulawarga bapa ATA nu di gunung sari patepung lawung paamprok jonghok , rempeg ngariung bari sumirat ku kabagjaan dina hiji pamaksadan , seja ngajugjug jucung ta’aruf , mastikeun jangji pasini bihari, anu kungsi diguritkeun, ngaenyakeun pasang subaya nu ti heula dikedalkeun , enggoning mageuhkeun silaturahim dua insan , cacap mapag waluya jatining bagja, antawis
cep DEDE KUSWAYA putra bapa IDI SURASDI (Alm) sareng
neng TUTI RUSTILAH putri bapa ATA.
Sim kuring minangka nu manggul piunjuk janten juru pangduum , ti payun neda paralun ka sakum anu laluuh , henteu hilap mipit amit ka sugri anu lalinggih, seja sambung lemek, numbu catur, ngaguar
lambar acara.
Para sepuh kadang wargi hormateun sim kuring , supados henteu nyangkolong teuing kana waktos , henteu neukteuk di hadean poe , minangka bubuka sagala purwaning carita , pikeun kembang panganteur lengkah malar janten tarate papaes hate , urang buka tungkus calagara ieu ku maoskeun basmalah sasarengan , bis…………

Saterasna ,malar lengkah ginuluran rahmat mantena, jugjugan puguh jucungna , sumangga urang dangukeun ku ati wening, urang regepkeun ku manah setra , aosan ayat-ayat Al Qur’an , anu bade di dugikeun ku kersana bapak KEKENG.
sumangga dihaturanan.


Hadirin rohimukumullah , nembe parantos kadangu , galindeng aweuuhan ayat-ayat Al Qur’an nu matak tengtrem , nyerep kana lelembutan , ngagalura kana lebah lolongkrang rasa , nganteurkeun dina mitembeyan ngaguar lambaran ieu calagara , mugi aosan anu nembe sing janten pahala kasaean , khususna ka qori’ah anu maoskeunana , oge ka urang anu janten mustami’na. amin ….

Acara anu salajengna bade langsung bae kana akad nikah, margi bakal pangan ten sakalih tos teu sabar hoyong geura –geura lubar, pajarkeun teh sawios acara anu sanesna mah eke bae . Kukituna Ka reng-rengan panitia, hapunten korsi sareng mejana di atur kanggo pelaksanaan akad nikah.Insya Allah akad nikah moal lami deui bade dilaksanakeun , margi nu mancen tugas ti KUA kacamatan kasokandel parantos saged, sepuh puguh tos sapuk, para saksi tos sayogi ti tatadi .

SORA :
Entog sisi hayam gunung, kapinis cangcangkeun bae sok bisi cep DEDE pundung, nu geulis datangkeun bae Datangkeun urang tepungkeun, tepungkeun urang deukeutkeun, deukeutkeun urang raketkeun, raketkeun urang jadikeun. Mung pacuan ulah waka direndengkeun, margi tacan akad nikah. Ka ibu juru rias, sumangga neng TUTI enggal candak kadieu, hawatos ka cep DEDE nu elekesekeng lieuk beuheung sosonggeteun hoyong amprok sareng nu geulis tempat pamontelan hate .
Saterasna calon panganten sakalih miwah ibu rama , kairing ku para saksi sumangga ngalih panglinggihan ka tempat anu utami .

Para sepuh , pini sepuh anu laluuh, sugri anu lalinggih lalampahan nyorang raratan dugi kana mumunggangna , jugjugan muru jucungna cunduk kabukuning taun, datang kamangsaning bulan mustari nitih kawanci. Kawih asih nu balabuh na dasar katineung , Gupay kelar nu eunteup na geugeut kameumeut , Kiwari seja dipatri ku jatu karami, bakal disimpay ku akad tikah. Teu kaci upami dilami-lami, teu sae upami diengke-engke, sok komo teu wasa upami kedah ditunda, kukituna … ka kersana bapa naib saparakanca nyanggakeun sapuratina kanggo ngajeujeuhkeun akad tikahna
cep DEDE sareng nengTUTI


Para sepuh kadang wargi , alhamdulilah wasyukrulillah ku kudrat sareng irodat Mantena, kalayan pangdua ti sadayana , cep DEDE Sareng neng TUTI , kiwari parantos disimpai ku tali akad , duriatna ngabukti na jatu krami

Pidu’a diteda ti sadayana, mugia ieu panganten sakalih sing silih asih, silih asuh, silih asah, waluya walagri , hejo lalakon jodona , reumbeuy carita rumah tanggana, tinekanan ngawujudkeun kulawarga sakinah , mawaddah wa rahmah, du’a sepuh ngiring ngaping tansah ti pangjaring gusti .

SORA :
Para sepuh kadang wargi sadaya, utamina rombongan tatamu nu cunduk ti desa KUTAMANGGU semah nu miang ti kacamatan CIGASONG
angkat nyorang ti raratan ………………………..
Sok sanaos akad nikah parantos laksana, kalayan aya dina kalancaran namung kanggo nyumponan tindak tanduk, usik malik sadaya nu dipaparin rasa, manah sareng lisan, kantenan dina saliring dumadi , teu cekap ku surti sareng tekad wungkul, mung kedah disarengan ku ucap lisan . Nu mawi kitu , mugi teu janten kekeling panggalih rengat manah, disuhunkeun luntur kolbu sesepuh rombongan panganten pameget dilulungsur kanggo ngedalkeun gerentes kolbu.
sumangga dihaturanan .

(biantara ti sepuhna panganten pameget)

Hadirin rohimakomullah , nembe parantos kakuping eces tur bentes , gerentes kalbu ti tatamu , anu didugikeun ku pangersa bapa  guru OPAH

Munasabah cunduk bari alus semu sumping sae parangina, mungguh matak ngaqreug-reugkeun kana emutan , menggah matak bingah mamanahan.
Sok sanaos,

Daun jeungjing jeung sendawa, digantelan kembang gula.
Tangkal jeungjing jeung kalapa, dibeulit ku akar jengkol.
Teu jingjing teu bawa , da sejana bade kumaula.
Teu jingjing teu bawa, iwal mawa nu ngarengkol

Salajengna , piraku nu salam moal diwaler, nu sampurasun teu dirampeskeun , kapan saur kanjeng rosul oge "falyukrim dloifah" , namung sim kuring mung saukur darma, teu wasa panjang nya cumarita , kukituna waler kacindekanana nyanggakeunn kan wawakil kulawargi panganten istri, anu bade didugikeun ku pangersa bapa  WA GURU

Sumangga dihaturanan .
(biantara ti sepuhna panganten istri)

SORA :
Hadirin rohimakomullah,
Kasaksen ku sadayana kitu kotret ti hate ,
Tarate mah sihoreng kembang tarate
Bareng mangkak karembangan
  Sahate sihoreng sahate
  Ragem ngajak bebesanan
JAKA SEMBUNG NGALA PEUTEUY, NYAMBUNG EUY
Nu sumping nu kasumpingan sapatotos sapagodos, sapaneja sapaniatan, sajiad satujuan, seja meungkeutkeun simpay duriat nu mangkak dina jambangan nu janten putra

Cep DEDE ……… Tadi enjing-enjing keneh pisan sateuacana rombongan tatamu sumping, neng TUTI ngaharewos ka simkuring salaku pangjajap acara anu kedah didugikeun ka cep DEDE dipayuneun para wargi sadaya . Ku simkuring teh diwaler insya Allah upami teu hilap ku akang baris didugikeun . Ka para wargi sadaya hapunten nyontang waktos sakedap, margi ari amanat mah upami teu didugikeun dosa hukumna

Cep DEDE …………
Kieu harewos ti neng Tuti teh,
Ulah hariwang pedah henteu cacandakan, asal ulah hilap kana pakarang anu bisa mangpalagang.
Ulah isin pedah sumping ngaligincing, asal ulah lali kana bedil anu ngagawing dina sela-sela pingping,
Oge ulah rumegog pedah jonghok bari lengoh, asal tong poho kana pelor anu nyenghol sajeungkal handapaeun bujal.

Tah cep DEDE … mung sakitu pamundut neng TUTI mah .

Cep DEDE ……….. oge Neng TUTI ……
Alhamdulillah jatu krami tos ngajadi, bebesanan tinekanan .
Tapi …ke…ke heula , wayahna kasep geulis ke sabar sakedap ulah waka ka kamer .

SORA :
Pajar teu jingjing teu bawa, datang bari keupat eundang,
jonghok ukur bari lengoh , sumping oge ngaligincing.
Geuning buktosna teu burung rebo .
Katampi ku astakalih kasangga kalingga murda , sumangga geura ditampi bilih jaheut nu maparin pajarkeun disapirakeun.

Ka ibu bakal panganten sakalih dihaturanan ngadeg heula sakedap, kanggo seren tampi salah sawios cacandakan .

Sumangga ka juru potret nyanggakeun kango ngadokumentasikeun, oge ka juru kamera kanggon ngabadikeun .

Nyanggakeun sabrang salayan , lebet ka cabe mah henteu.
Nyanggakeun hatur lumayan , lebet ka sae mah henteu
Jaza kumullah khoiron kasiron , wa ahsanal jaza, ditampi ku astakalih , disuhun na embun-embunan ,
moal disimpen dihandap-handap, mugia sing janten pancar pangruhay seuneu duriat. Atuh cacandakan anu sanesna sumangga diteraskeun dipataremakeun ku anu sanes .

Hadirin rohimakomullah , acara anu salajengna mangrupikeun acara tali paranti adat kabiasaan urang sunda, diantawisna : sembah sungkem , sawer panganten , niup harupat , sareng nincak elekan enog .
Kanggo mandu ieu acara mangga nyanggakeun sapuratina ka Bapa .................................. sareng ibu JURU RIAS

Para wargi sadaya alhamdulillah acara adat kabudayaan urang sunda parantos rengse dilaksanakeun .

SORA :
Sepuh anu dilulungsur , wargi anu digigingsir , kukulaksan paniatan pamaksadan tinekanan ,rasa bagja ngarandakah minuhan heureutna dada . Namung sagedengeun eta , ku lega karumaosan , Tina seueur katunaan , balatak ku kakirangan .

Shohibul maqosid seja kedal lisan sanduk-sanduk, Nu bade didugikeun ku kersana bapa ……………..
Sumangga dihaturanan

Jika tidak ada yang menyampaikan maka disampaikan oleh MC:

Sok sanaos kitu bapa ATA salaku shohibul maqosid ngahaturkeun wilujeng sumping disarengtan hormat ta’dim kalayan kabingahan anu taya papadana. Saperkawis putra anu jadi tungtung panglamunan panyileukan beurang peuting , amprok jodo sanes pangreremo kolot, estuning pilihanana pribadi kalayan sapuk sareng panggalih sepuh.

Kalih perkawisna dina mangsa dahupna dinten ieu, para bapa, para ibu parantos wening galih meryogikeun sumping, saur paripaos tea mah , dibelaan jalan leueur kundang iteuk, hujan hujan papayungan seja nawiskeun asih andum du’a ka panganten sakalih Sugri pangasih katampi, kasaean mo katanding, kasuhun kapunjung kasangga kalingga murda. Kanggo pangwalesna mah seja disanggakeun bae ka gusti num aha asih.

Hadirin rohimakomullah , isina mah sakalangkung, Kaweningan galih miwah katresnan manah sadaya ditampi ku katunaan . Panampian anu moal boa kirang tata kirang titi kirang duduga peryoga. Tempat anu sakieu buktosna, tuangeun anu kasanggakeun mah duka kumaha buktosna , palias ngamomorekeun , kagaduhmah estu nemrak , sesah disumput salindungkeunana. Kilang kitu pamugi katuang kaleueut kalayan kabingahan.

Pangersa bapa ATA sakulawargi, teu kendat-kendat neda pidua ti sadayana, mugia murangkalih anu nembe dijatukramikeun , pasinina sing ngajadi, subayana sing laksana , ngahiji dina rarabi , waluya rumah tanggana . Mugi geugeut mugi layeut duriat teu pegat-pegat . Du’a sepuh ngiring ngaping tansah ti pangjaring gusti. Amin…, sakitu anu kapihatur , kedal lisan pangbagea, disarengan hormat ta’dim kalayan kacintaan.

Hadirin rohimakomullah , acara anu pamungkas mangga urang sarandekeun hate, nembrakeun rupi pamundut, ka Allah numaha welas asih, mugia sapapaosna ginuluran kabagjaan .
Ka bapa ………………………………….. sumangga dilulungsur kanggo ngajejeran do’a

Salajengna panganten sakalih supados dicandak ka lebet bumi kanggo ngalaksanakeun sarupi deui acara adat nyaeta huap lingkung , urang mah panganten bari wayahna di luar heula.

SORA :

Lalampahan nyorang raratan parantos parat dugi ka tamat, nyingraykeun lalangse parantos rengse, supados urang ayeuna tiasa nyalse.
BUAH TOMAT BUAH PEUTEUY, TAMAT EUY
Boh bilih aya saur nu teu kaukur, basa nu teu merenah, kalepatan ti sim kuring , mugi kersa ngahapunten , tutus langkung kepang halang , bobo sapanon carang sapakan hapunten anu kasuhun .
Sumangga urang pungkas bae ieu calagara ku maoskeun hamdallah sasarengan,
Alhamdulillahhirobbil alamin

As, wr, wb

Rupina nembe teh aya harewos ti urang dapur, aya leueuteun sapulukaneun anu hoyong katuang kaleueut
ku sadayana , sumangga nyanggakeun mung sakitu buktosna, dikawitan ku rombongan tatamu panganten pameget

Tidak ada komentar:

Posting Komentar