@ Nasib @
" Ya Allah... " teu kebat ngucapna, leungeuna ngusap
beungeut nu baseuh ku cihujan. Hujan ngaririncik ti peuting mula. Hawa
tiris nerekab ngalimpudan alam. Jam 2 peuting, suuk meunang ngulub
ditanggung ku rancatan dibawa ka pasar. Lamun batur mah keur meujeuhna
tibra saré. Lamun batur mah keur meujeuhna betah ngimpi. Mang Cartim nagog
disisi jalan émpér jongko, nungguan nu meuli sabari ngahodhod
katirisan. Tukang suuk rancucut baseuh bati kahujanan. Baju jibreg ku
cihujan campur késang. Kasab lain teu
hayang jiga batur, jadi karyawan atawa bos dihiji pausahaan. Tinggal
diuk na korsi alus, duit nu dararatang sabari pakéan ginding.
" Pa!
Iraha abdi badé mésér Acuk téh?" kecap éta nu terus dédéngéeun na ceuli
jeung ingetan Mang Cartim. Sora anakna nu hayang dipangmeulikeun baju
lebaran.
Puguh sakola SD gé teu tamat, komo kuliah. Henteu pisan
ngalaman jadi mahasiswa, komo jadi sarjana. Nya wayahna kasabna
sakabisana. Najan payu ukur saeutik, najan boga bati ukur saeutik, teu
eureun nya ngusahakeun. Mélaan nu jadi kulawargana, Mang Cartim réla capé
jeung sangsara nu penting kulawargana manggih kasenangan.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar