Kamis, 17 Juli 2014

AJEG PANCEG DINA TETENGER BUDAYA

Ajeg panceg dina tetenger budaya
ABAH RACHMAT ISKANDAR
Bubuka
Budaya teh mangrupa hasil rekayasa lahir batin manusa kana mangsa nu keur dijamananana.. Budaya heubeul teh eunteung gede pikeun nyoreang nyawang kahirupan mangsa bihari jangeun pieunteungeun kiwari maetahkeun kahirupan mangsa baring supagi.
Budaya kiwari teh kudu ngeunteung kana budaya heubeul ciptaan manusa baheula, sabab budaya anyar nu teu ngeunteung ka budaya heubeul tangtu bakal leungiteun galeuh kakuatan kahirupananana.
Contona bae, munjungan atawa silih hampura dina mangsa lebaran saenyana bisa sakadar make MMS , SMS, blackberry atawa skype , parabot aheng ciptaan budaya kiwari nu nyambungkeun manusa jeung manusa bari teu kahalangan ku rohang jeung waktu. Sarwa praktis sarwa efisien, irit ongkos irit waktu. Tapi kahade, telepon selular mah moal bisa nembreskeun sikep emosional mangsa lebaran. Jiga sasalaman, silih tembongkeun kasono, sumeleketna rasa tambelar joledar ka nu jadi kolot mangsa urang sumujud menta dihampura ka kolot urang, atawa leungitna suasana batin nu diwuwuh kaendah kagumbiraan mangsa urang balakecrakan jeung pada batur dina mapag lebaran. Make telepon mah, papada urang teh ukur diunggang ku kekecapan, lain ku sikep-sikep emosional nu saenyana bisa meungkeutkeun rasa mibanda antara kulawarga utamana papada urang jeung urang .
Dina kahirupan lingkungan alam, manusa kiwari geus mimiti leungiteun leuweung nu memehna rea liang cai (cinyusu) nu bisa medalkeun cai nu ngagulidag pikeun kahirupan , nyeboran kebon jeung sawah pilahaneun. Sono kana hejona kebon jeung amparan sawah nu sedeng koneng umyang, sono ningali pasir-pasir jeung lengkob nu hejo ngemploh mapaesan alam Sunda, angin tiis ngahiliwir mepende hirup hurip di lemah cai panginditan sarakan geusan pamulangan.
Tangkal kiara, haripingku, karet munding, kepuh, calik angin atawa caringin nu baheula ngurung pasir-pasir di luhureun lembur katut tatangkalan leutik kayaning kalimorot, jamuju, manglid, saninten, puspalilin , bungur atawa senokeling, kabeh geus lita dirakrak kasarakahan jalma-jalma nu cenah hayang nyieun budaya anyar, budaya moderen tea. Gunung bulistir, sawah jadi imah, kebon jadi lembur, cinyusu geus leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana, jadi selang-selang plastik nu nyungakang ranteng pabeulit ngahalangan lelengkahan. Cai ti gunung geus lila ngorotan. Sawah lendo geus lila jadi imah, dunya geus teu aya aling-aling. Panonpoe nu moreret geus teu kahalangan ku tatangkalan atawa reuma di leuweung nu baheula carang katincak jelema.
Hasil rekayasa budaya manusa jaman kiwari nu miceun budaya heubeul nu kungsi jadi tetenger karuhun urang pikeun nyingkahan laku manusa pikeun ngarakrak alam. Carita aheng soal ratu jin dina cinyusu, kuntianak dina tangkal caringin, leuweung nu sanget nu kawentar entog silumanna, kiwari geus disingkahkeun ku basa tahayul bari jeung teu malire yen wawadi karuhun teh nyumput dina gunung simbul, nyangling dina pasir silib , kumambang dina sagara siloka. Naon sababna baheula percaya kana jurig jeung dedemit siluman barakasakan, sabab kolot baheula ngahaja ngawuwuh carita jurig teh sangkan jalma teu kumawani ngagunasika leuweung jeung tatangkalan nu saenyana jadi bagean tina cara manusa ngarumat alam katut kahirupanana.
Conto-conto bieu teh ngagambarkeun kumaha lembur ancur, desa lita, dayeuh ukur amparan beton nu diuga ku urat-urat kabel listrik jeung telepon sarta pasulabrengna napsu-napsu manusa dina motor, dina mobil jeung kahirupan nu sing sarwa hedonistis, ukur ngudag-ngudag kasenangan nu can aya, ukur balap moro kasenangan nu teuing dimana pungkasanana.Antukna timbul bahla alam dimana-mana. Aya longsor nu nerebkeun lembur, aya banjir bandang nu malidkeun harta banda, dimana-mana gunung dak dumadak bararitu, geus puguh ari lini jeung tsunami mah meuweuh di satungkebing jagat.
Ieu teh nu jadi lantaranana teu lian lantaran manusa geus ninggalkeun budaya heubeul nu kungsi jadi kayakinan manusa jaman baheula. Geus teu aya mupuhunan mangsa panen, geus teu aya guar bumi mangsa rek molah, teu aya buku taun atawa ngaruwat lembur jangeun sukuran ka dzat Maha Agung nu geus nyiptakeun alam kalawan sampurna. Sabab jelema geus teu percaya kana mitos Batara Kala, geus teu percaya kana hadirna dedemit ratu jin Leuwi Hieum, Raja siluman Kendrawahana nu ngayuga leuweung tutupan. Hiji silib, hiji siloka kolot baheula dina ngarumat alam. ***

Sabtu, 12 Juli 2014

IDUL FITRI

I barat kaen nu bodas nyacas
D iri urang diseuseuh dina Rahmat Gusti
U rut sataun campleng balas tatu ku cucuk kahirupan
L ebah dieu pangampura Gusti dilungsurkeun ka sakuliah jagat

F itrina urang sadaya sakedap deui baris kapimilik
I barat murangkalih anu nembe gubrag lahir ka alam dunya
T angtosna suci bersih tina sagala rupa rereged dunya
R asa bagja moal tiasa kaukur ku rumpaka bahasa pujangga
I Insya Allah kedap deui urang boboran syiam..

Jumat, 11 Juli 2014

" GUPAY PILEULEUYAN KANGGE ABAH ASEP SUNANDAR SUNARYA "


" GUPAY PILEULEUYAN KANGGE ABAH ASEP SUNANDAR SUNARYA "
=== INNALILLAHI WA INNA ILAIHI ROJI'UN ===

Poe ieu..
Langit asa ngadadak mendung kalimpudan ku mega hideung
Angin nu ngahiliwir nambahan nyereset kana ati sanubari
Estu matak ngageuingkeun lelembutan diri
Najan batara alam nu endah mukakeun gapura sagara hirup
Teu ngajadikeun palidna sagala rupa lalangse hate..

Asa teu percaya kana dedengean..
Asa teu percaya kana titingalian..
Mun teu inget kana kodo jeung kodar ti Pangeran
Tangtuna rebuan pananya bakal rabeng nganaha naha.



Tadi tengah poe..
Dulur kuring..sepuh kuring.. sobat kuring.. ikhwan kuring.. guru kuring
Tos dipundut kunu rahayu.. diala kunu laksana.. mulang ka Rohmatullah..
Kuring bakal kaleungitan pupuhu nu linuhung ku elmu..
Kuring bakal kaleungitan ku budayawan sunda nu sagala bisa

Wilujeng angkat " ABAH ASEP SUNANDAR SUNARYA "..
Mugia salira mulang nyangking ranggeuyan kabagjaan..
nyandak weningna ati anu suci.. nyandak kasolehan manah..

Simkuring sakulawargi mung tiasa kedal du'a
Mugia sagala rupi amal nu kantos dipilampah..
Ditampi ku Allah nu ngawasa jagat raya..
Oge mugia sagala rupi kalepatan boh nu ageung atanapi anu alit
Sing kengeng pangapunten ti manten_Na.. aamiin..

Oge teu kakantun ka kulawargina nu dikantunkeun..
mugia sing dipaparinan kasabaran sinareng katabahan dina nampi ieu cocobi..

A ya paribasa, jodo pati bajga jeung cilaka mung Allah anu uninga
S asat manusa mah ngan ukur ngabogaan rencana jeung cita cita
E stu sadaya katangtuan mung Allah nu ngagaduhan taqdir
P oe kamari jagjag waringkas, poe ieu kabejakeun ngantunkeun

S umebar kalawarta ka sakuliah nusantara..
U rang jelekong " Kang Asep Sunandar Sunarya " cikeneh ngantunkeun
N inggalkeun alam pana, nuju ka alam abadi..
A sa teu percaya kana kalawarta nu sumebar di dunia maya
N anging aya paribasa taqdir teu beunang dipungkir..
D a kangaranan maot mah geus jadi hakna nu nyawaaan
A hir barangkali pasti bakal dijemput ku pati
R eueuh tina kahirupan pana, nuju kana kahirupan abadi

S ing salabar ka kulawargina nu nuju kapapatenan
U rang do'akeun almarhum sing ditampi iman sareng islamna
N u ngantunkeun sing ditampi sagala rupi amal saena
A nu awonna sing kengeng pangmpura MantenNa
R asa kaleungitan tangtos bakal eunteup di diri urang sadayana
Y akinkeun eta hal tos mangrupikeun guratan taqdir Allah
A nu moal bisa leupat ti sakabeh umat manusa..

KANYA'AH INDUNG BAPAK

" KANYA'AH INDUNG BAPA "

Dina iuh iuh kanya’ah indung...
Nu seungit marganing wuyung
Dina sela sela renghapna kanya’ah bapa
Nu ngagulidag rosa mapakan sagara
Moal aya saurang oge
Nu bisa mapakan nya’ahna indung jeung bapa

Ema...
Salapan bulan anjeun ngakandung abdi
Lain hal nu enteng dina ngalakonannana
Tapi anjeun estu teu pernah aral subaha
Malah ngado’akeun sangkan hirup abdi waluya..

Ema… bapa..
Rumaos diri teh sok baha
Loba mungpang pangwawadi
Teu gumati kana sagala piwejang
Hapunten abdi.. ema.. bapa..

Ya Allah.. mugia maparin ampunan
Ka abdi sareng ka ibu rama abdi
Ya Allah.. mugia mikawelas mikaasih
Ka ibu rama abdi nu ageung jasana

Robigfirli wali wali daya...
Warhamhuma kama Robbayani shagiro
Ya Allah ya Karim nu Maha Rohman tur Maha Rohim
Mugia ngabulkeun sagala rupi do’a abdi..

PAPATAH NU JADI INDUNG

" Papatah nu jadi indung "

Anaking..
Geura prak eunteungeun diri pribadi...
Basa mah gambaran rasa..budi mah gambaran ati..
Dina raga urang asa hate leutik..
Nu salwasna tara daek ngabohong, jeung di bohongan
Jaga diri masing nastiti, dumugi mapagna pati

Anaking..
Mungguh hirup estu katungkul ku pati..
Maot teu apal di mangsa..
Kade hirup masing ati ati ngajaga lampah jeung basa
Sing repeh rapih.. beres roes.. akur reujeung sasama
Tengetkeun ku hidep..
Mahluk nu sugih hartina, beunghar harta..
Insya Allah bakal waluya hirup kumbuhna

Anaking..
Prak sing bisa maca .. bisa ngaji..
Ngajina sing nepi kana tungtung ati..
Macana sing napak kana tungtung rasa.
Tumutkeun pitutur Rosul, taat parentah agama
Insya Allah hidep bakal bagja dunya.. bagja aherat

Anaking..
Geura sungsi elmu sing nepi katimu
Geura alap harta sing nepi ka ala mangpaatna
Najan lengkah kahalang jurang jeung jungkrang…
Teu aya alesan keur hidep ngahontal sagala kahayang
Prak di ajar sing tekun keur neuleuman eusining hirup…
Sawang mangsa nu bakal datang..
Nu katukang ..prak sing jadi pieunteungeun

Kade anaking...
Nyukcruk elmu.. nyuprih harti sing nepi ka jucung..
Ulah kabengbat hal anu mawa tugenah ... mawa cilaka diri...
Ulah….ulah ngalelebar diri..
Hidep teh sirung harepan indung jeung bapa..
Nu baris ngalalakon di mangsa nu bakal datang.

BAPAK



Bapa....
Mung ukur tiasa kedal ucap hapunten abdi,, salami bapa jumeneng tangtos abdi sareng palaputra bapa nu sanesna seueur ngarepotkeun lahir batin salira. Tingawitan abdi sadaya gubrag ka alam dunya tug dugi ka ayeuna tos tiasa cumarita dina nyungsi kahirupan, estu teu acan tiasa mulang tarima kanu janten sepuh.. hapunten abdi bapaaa ...

Kiwari ....
Bapa tos ngatunkeun abdi sadaya.. mulih ka Rohmatullah, abdi sadaya mung ukur tiasa jajap ku ranggeuyan du'a ka Allah Azawazalla..
Nun Gusti nu Maha uninga kana keretegning ati,...mung ka Gusti ieu diri sumerah. Deudeul Du'a kangge Pun Bapa nu tos tingtrim dina pangkonan Gusti, mugia Almarhum sing ditampi sagala rupi amal ibadahna, dihapunten tina sagala rupi dosana.. boh nu ageung atanapi nu alit, mugi dicaangkeun di alam kuburna, oge ditempatkeun dina tempat nu pinuh ku rahmat Gusti... Aamiin.

Selasa, 08 Juli 2014

NASIB

@ Nasib @
" Ya Allah... " teu kebat ngucapna, leungeuna ngusap beungeut nu baseuh ku cihujan. Hujan ngaririncik ti peuting mula. Hawa tiris nerekab ngalimpudan alam. Jam 2 peuting, suuk meunang ngulub ditanggung ku rancatan dibawa ka pasar. Lamun batur mah keur meujeuhna tibra saré. Lamun batur mah keur meujeuhna betah ngimpi. Mang Cartim nagog disisi jalan émpér jongko, nungguan nu meuli sabari ngahodhod katirisan. Tukang suuk rancucut baseuh bati kahujanan. Baju jibreg ku cihujan campur késang. Kasab lain teu hayang jiga batur, jadi karyawan atawa bos dihiji pausahaan. Tinggal diuk na korsi alus, duit nu dararatang sabari pakéan ginding.
" Pa! Iraha abdi badé mésér Acuk téh?" kecap éta nu terus dédéngéeun na ceuli jeung ingetan Mang Cartim. Sora anakna nu hayang dipangmeulikeun baju lebaran.
Puguh sakola SD gé teu tamat, komo kuliah. Henteu pisan ngalaman jadi mahasiswa, komo jadi sarjana. Nya wayahna kasabna sakabisana. Najan payu ukur saeutik, najan boga bati ukur saeutik, teu eureun nya ngusahakeun. Mélaan nu jadi kulawargana, Mang Cartim réla capé jeung sangsara nu penting kulawargana manggih kasenangan.